Beranda » Budaya Islam: Rebo Kasan

Budaya Islam: Rebo Kasan



DINA sasih Shafar ieu di lembur almarhum bapa miwah almarhumah biyang mah sok diayakeun rebo kasan. Unggal rebo ahir sasih shafar. Kapungkur mah nuju masih alit tacan terang naon maksad ngayakeun rebo kasan. Ayeuna bae kusaba seueur katerangan dina seratan artikel atanapi esai dina internet sareng buku yen rebo kasan ngeunaan musibah sareng kabendu Rasulullah saw waktos nyuhungkeun keretas sareng alat nulis wasiat. Abdi maos buku yen salah saurang anu disebat sobat Nabi henteu neudunan, henteu tumut. Malihan mah eta sobat Nabi teh nyaram anu sanes kanggo nyayogikeun. Euh… kacida pisan eta jalma dorakana. Kalakuan sobat Nabi eta tiasa kalebet musibah kanggo umat Islam. Mugi… Rasulullah saw henteu masihan syafaat ka jalma anu deleka sapertos kitu. Mugi abdi diteubihkeun tina sifat sapertos kitu.
Di lembur sepuh kuring, khususna di Kampung Gadog (Pasirwangi), Samarang, Garut, Jawa Barat, Indonesia, unggal malem rebo ahir safar wargi kampung kareumpeul ba’da netepan magrib. Teras bae maos surah yasin sareng shalawatan. Biasana tua kampung atawa ajengan teras masihan wejangan perkawis rebo kasan. Teras netepan isya jamaah sarta sasalaman sadaya wargi anu aya di masagiti silih luberkeun dosa. Saacan uih ti masigit biasana ajengan atawa tua kampung masihan keretas isim rebo kasan. Gumantung kaperluan. Aya anu tilu lambar, oge aya anu dugi kalmia lambar.
Eta lambaran isim eusina huruf Arab gundul, aya nami Rasulullah saw sareng Sayidah Fathimah sarta dua putu Rasulullah saw. Kuring teu paham kana eta isim. Ngan pituduh tua kampung mah kedah dilebetkeun kana cai inum atawa bak mandi. Isuk saacan miang ka masigit rek netepan subuh kedah ibak ku eta cai anu atos dikeueuman isim rebo kasan. Caina oge kedah diinum. Saurna eta ubar kanggo nulak bala sareng diteubihkeun tina panyakit anu dina rebo ahir shafar dikeprukeun. Kusabab kitu kedah nyiapkeun tulak balana.
Sabada netepan subuh wargi mulang deui ka bumi. Sakira wanci haneut moyan sadaya warga kampung darongkap deui ka masigit. Teras shalawatan, netepan sunah dua rokaat niatna netepan tulak bala. Saatos kitu tua kampung mimpin du’a. Teras bae sasalaman deui. Sadaya warga henteu kenging kasab atawa damel dinten eta. Tua kampung mapah anu dituturkeun warga kampung ka makam ageung anu dianggap karamat sareng anu dipihurmat di eta kampung. Kaleresan di lembur eta cakeut tangkal caringin aya makam anu kasebatna karamat. Sadaya warga ngucapkeun salam ka ahlikubur. Teras mendeko cakeut eta makam. Nguriling. Teras bae tua kampung mingpin dua zarah sareng tahlil. Ka kuping saacan maoskeun surah-surah Al-Quran juz amma nyabit-nyabit nami Rasulullah saw sareng kulawarga Rasulullah saw sarta sobat anu melaan Islam. Teras bae nyabit-nyabit ulama sarta guru-guru di eta kampung anu parantos pupus. Ditutup ku du’a panulak bala sarta sholawat. Ngan dina du’a teu sadayana ngangge basa Arab malihan mah aya jangjawokan sagala: kecap jampe make basa Sunda buhun. Teu pati kahartos ku abdi oge eta kalimah du’a.
Saatos beres cai kembang dibanjurkeun kana pajaratan. Teras deui kaluar tina eta makam. Di luar makam atos mayak wanoja sareng ibu-ibu nyadiakeun emameun khas desa sareng katuangeun. Seuseurna mah beubeutian saperto hui, sampeu, lobak, ganyol, waluh, cau, sata kentang. Sadayana dikulub henteu aya anu digoreng atanapi dibeuleum. Teras aya emameun anu bahanna tina beas ngan didamelna sapertos leupeut. Ngan rupana anu benteun: aya nu segi lima, segi opat, segi tilu, sareng aya anu nyongcot manjang. Eta emameun bungkusna tina daun awi (bambu). Aya anu percanten eta emameun kedahna digantungkeun dina panto supados janten pameugat bala sarta sumber panyakit. Dituang bae ku sim abdi. Eta acara rebo kasan anu kaalaman ku abdi nuju alit, masih sakola SMP mun henteu lepat. Duka kiwari mah masih keneh atawa henteu? Maklum abdi saprak sepuh ngantunkeun henteu deui ka lembur. Janten zarah oge ti kajauhan bae. Sugan bae dikersakeun mun aya keneh umur mah abdi sareng bojo hoyong zarah ka makam sepuh abdi.
Di padumukan abdi kiwari, di Kabupaten Bandung Jawa Barat Indonesia, aya kagiatan kanggo nyambut rebo kasan. Ngan teu sapertos anu di Garut. Cekap ku maosan surah yasin sareng netepan sarta du’a dina malem rebo ahir Shafar. Mun dipaluruh di nagari urang rebo kasan janten tradisi nusantara. Di Jawa aya tradisi Rebu Wekasan atau Rebu Pungkasan di Yogyakarta, Rebo Kasan di Banten, dan Rabu Kasan di daerah Air Anyer Kabupaten Bangka. 

AHMAD SAHIDIN




Powered by Blogger.